Enjoy your life, No matter how hard it may seem. When life gives you a thousand reasons to cry, Show the world you have a million reasons to SMILE!

Jumat, 03 Mei 2013

Carpon Basa Sunda "Rumaja Sunda Kamarana?"


Tréng.. Tréng…Tréng….
Sora bél sakola nandakeun yén barudak kudu asup ka kelas na masing-masing. Aya anu nyantai wéh leumpang, aya ogé anu lumpat ka jero kelasna. Didin jeung Asép mah asik wéh ngobrol di luar kelas siga anu teu ngadangu bél waé.
“Didin.. Asép.. Buru asup ka kelas. Urang ngadu’a heula.” Ceuk Rifan ngageroan ti jero.
            Saatos ngadu’a, kelas téh ribut deui waé. Aya anu kukulintingan ka bangku batur, aya ogé anu seuseurian, aya anu curat-corét dina bor, pokona mah macem-macem. Ayeuna téh poé Saptu, kelas XI Ipa 5 mah sok ngomong maké basa inggris da dititah ku Mr. Tedi, cenah keur ngalatih sakumaha mampuna urang ngomong maké basa inggris, keur bebekelan ogé éngké di Universitas. Aya  anu teu ngomong maké basa inggris, aya anu satengah-satengah, tapi lolobana mah ngomong maké  basa inggris najan salah ogé. Jam pangajaran kahiji téh nyaéta basa sunda, tangtu atuh moal ngomong maké  basa inggris.
“Eh… Jémpé. Tos aya Bu Sita.” Ceuk Rifan ka barudak anu garandéng. “Siap.. Ucap salam.”
“Assalamualaikum warahmatullohi wabarokatu.”
“Walaikumsalam. Kumaha daramang?” Ceuk Bu Sita
“Damang, Bu..”
“Rifan.. ieu bagikeun hasil ulangan minggon kamari!”
“Muhun, Bu..” Ceuk Rifan sabari leumpang bade nyandak satumpuk kertas
            Pas dibagikeun éta ulangan téh barudak meuni teu aya anu atoh, kalah seuseurian ningali hasilna, da goréng atuh.
“Ulangan kamari mah teu aya anu tuntas, sadayana dihandap KKM. Kumaha atuh ieu téh? Padahal basa sunda mah basa indung. Naha teu éra kitu?” Ceuk Bu Sita rada kuciwa
“Muhun, Bu. Da hésé.” Ceuk Didin némbalan
“Ah maenya hésé. Asép, kunaon meuni goréng pisan nilai téh?”
“Iya, Bu. Gak bisa.” Ceuk Asép, polos némbalan make basa indonésia.
“Asép.. ngomongna maké basa sunda atuh!” Ceuk Bu Sita
“Da gak bisa,Bu.”
“Ari Asép urang mana? Pan urang sunda. Piraku teu tiasa.”
“Iya, Bu. Tiasa sedikit-sedikit mah.”
“éngké mah kudu ngomong maké basa sunda nyak! Anéh jaman ayeuna mah, urang sunda waé teu tiasa kana basa sunda. Ari kana basa batur mah meuni parigél.” Ceuk Bu Sita bari popolotot
            Asép mah emang teu pati tiasa kana basa sunda. Da ceunah di imahna mah najan kolotna urang sunda, tapi ngomongna maké basa indonésia. Asép kalahkah parigél kana basa inggrisna, ceuk indungna mah basa inggris téh penting da basa internasional. Matak ku indungna mah di lés keun basa inggris kaditu kadieu. Nyak bener wéh ceuk Bu Sita, ari basa batur mah parigél, ari basa sorangan teu tiasa.
***
“Naha ari ulangan sunda sok butut waé?” ceuk Didin bari diuk dina korsi kantin
“Nyak da tara ngapalkeun meuren.” Rifan némbalan, teras diuk dina korsi
“Lain kitu, fan. Da sok hararésé ngeusianna. Da abdi mah ngapalkeun.” Ceuk Didin rada keuheul
“Lah, ulah siga si Asép. Kana basa inggris mah meuni parigél, ari kana basa sorangan teu bisa.” Rifan ngomong bari melong ka si Asép.
“Ngarti kana basa sunda, tapi tara ngomong maké basa sunda éta Asép namina. Abdi mah satuju da kana kurikulum 2013, ceunah basa sunda dileungitkeun ti kurikulum.” Témbal Didin bari ngahuapkeun saséndok emih.
“Lamun basa sunda teu aya dina kurikulum, beuki loba wéh rumaja anu siga  si Asép.” Rifan ngajawab teu satuju
“Nyak atuh da keuheul peunteun ulangan téh goréng waé.”Témbal Didin bari keuheul
“Padahal ayeuna téh kaping 21 Pébruari, anu geus ditetepkeun ku UNESCO minangka poé basa indung internasional pikeun miara basa indung disakuliah dunya.Tapi teu aya anu inget kitu? Bakal teu aya wéh geura éngké mah basa sunda téh.” Ceuk Rifan méré nyaho ka Didin
“Ahh… atos ulah ngomongkeun basa sunda waé. Éngke balik sakola maen ka bumi abdi nyak, fan!”
            Saatos Didin ngomong kitu, Rifan mah kalah seuseurian. Da Didin ngomongna salah. Kieu yeuh rumaja sunda ayeuna mah, maen dina basa sunda mah hartina ngadu atawa judi, maenya Didin ngajak manéhna judi. Sabari tuluy wéh dipikiran ku manéhna, kumaha jadina nonoman sunda téh ari kieu mah? Padahal basa sunda téh lambing kareueus daerah, atuh kudu bener ti cara ngomongna ogé, boh kekecapanana boh undak usukna. Rumaja ayeuna anu boga tanggung jawab pikeun ngamumuléna. Basa sunda téh milik urang sunda, maju mundurna basa sunda, mekar henteuna basa sunda gumantung ka urang sadaya, para rumaja.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar